Contoh Pidato Bahasa Sunda

7 min read

haidarmusyaffa.com

Contoh Pidato Bahasa Sunda- Pidato yang dibuat dengan menggunakan bahasa sunda dinamakan Biantara, biasanya pidato ini digunakan dalam acara-acara tertentu.

Isi pidato ini lebih kurang sama dengan jenis pidato lainnya, yang dibuat dan disampaikan dengan menggunakan bahasa Indonesia.

Pidato dalam bahasa sunda bertujuan untuk menyampaikan suatu gagasan, kepada banyak orang atau khalayak umum.

Akan tetapi isi dari pidato itu sendiri, tetap harus memiliki tujuan yang jelas.

Karena ketika kita berbicara di depan banyak orang, tentu kita harus memiliki arah pembicaraan yang pasti.

Jangan sampai orang yang mendengarkan tidak paham atas apa yang telah disampaikan.

Penyampaian pidato bahasa sunda tentu harus disesuaikan dengan tempatnya, karena penonton harus paham apa yang sedang dibicarakan.

Contoh Pidato Bahasa Sunda

contoh pidato bahasa sunda

1. Contoh Pidato Bahasa Sunda Tentang Pendidikan

[su_box title=” Biantara Tentang Pendidikan “]

Assalamulaikum Warahmatullahi Wabarakatuh

Bapak Ibu anu ku simkuring dipihormat.

Langkung tipayun, hayu urang manjatkeun puji sinareng sukur ka dzat Allah SWT nu Maha Welas tur nu Maha Asih. Ku sifat Rohman sareng Rohim-Na, ayeuna urang tiasa riung mungpulung di ieu tempat dina raraga tolab elmu, nyiar pangarti dina urusan kaislaman.

Bapa sareng Ibu anu hadir didieu. Upami ku urang sadayana dilenyepan, jaman kiwari teh parantos seueur perobihan, ti jaman urang kapungkur dugi ka ayeuna, benten sareng tebih pisan perobihanna. Ti kawit alat transportasi, dugi ka teknologi ayeuna serba canggih.

Kapungkur, urang dimana hoyong patepang teh kedah sumping ka tempat anu dimaksad.

Tapi, ku jaman kiwari mah tos aya HP nu aya kamera payuna. Nu mana upami urang hoyong ngobrol papayun-payun teh kantun nganggo teknologi nu di sebat video call.

Tah eta salah sawiosna teknologi ayeuna nu canggih teh. Sareng masih seueur keneh nu sanesna.

Kacipta na eta teh teu leupas tina pendidikan. Kumargi kitu, pendidikan di jaman ayeuna teh diraos penting pisan kanggo putra-putri urang salaku generasi penerus di jaman anu bade dongkap.

Cobi emutan ku urang sadaya. Di tengah-tengah maju na teknologi, kumaha upami putra sareng putri urang teu di bahanan ku pangarti? Tangtos anjeuna bakal katingaleun tebih ku persaingan kerja, kumargi ayeuna oge pami hoyong damel teh kedah gaduh ijazah anu luhur pami hoyong kenging damel anu sae mah.

Atuh sajaba ti eta, pendidikan teh mangrupikeun media kango nyiar elmu atanapi pangarti.

Dina salah sawios katerangan aya nu nyebatkeun yen pendidikan teh saumur hirup, teu mengenal yuswa. Hartosna, pendidikan teh wajib ti ngawitan urang lahir dugi ka pupusna.

Ti kawit ayeuna hayu urang leres-leres dina milari rejeki kanggo nyakolakeun putra putri urang supados tiasa neraskeun pendidikan anu saluhur-luhurna.

Kumargi tos karaos ku urang sadaya yen pendidikan teh penting pisan kango bekel hirup urang kapayun.

Mugia harepan urang sadayana tiasa dikabulkeun kunu Maha Benghar nyaeta Allah SWT.

Mudah-mudahan sok sanaos singkat, mudah-mudahan cariosan urang ti awal dugi ka akhir tiasa dipihartos ku sadayana Bapa Ibu anu hadir ayeuna.

Hatur nuhun kana perhatosannana.

Ditutup ku doa “rabbana aatinaa fiddunya hasanah, wa fil-akhirati hasanah, wa qinaa adzaabannaar”.

Wassalamu alaikum warohmatullohi wabarokaatuh.[/su_box]

2. Contoh Pidato Bahasa Sunda Kebersihan

[su_box title=” Biantara Tentang Kebersihan “]

Assalamualaikum wr wb.Wilujeng Enjing Sadayana?

Bapak/Ibu Guru anu ku sim abdi dipihormat, sareng sadaya rerencangan anu kusim abdi dipikanyaah, khususna siswa kelas 9 nu dipikacinta.

Langkung ti payun mangga urang sanggakeun puji sinareng syukur ka Allah ta’ala nu parantos masihan waktos ka urang sadayana dugi ka tiasa patepang raray dina ieu acara. Alhamdulillah urang tiasa kempel di ieu tempat dina kaayaan sehat wal afiat.

Para hadirin anu ku simkuring dipihormat,

Dina ieu waktos, abdi bade ngadugikeun kumaha pentingna hirup sehat kanggo urang sadayana.

Urang sadaya kedah atawa wajib ngajaga lingkungan sareng awak sorangan sangkan dijauhkeun tina sagala panyakit.

Ku margi kitu, urang kedah ngalaksanakeun hirup sehat sadidinten ku cara anu sehat oge. Sapertos meresihan awak atawa ibak, meresihan kuku, nyikat waos anu rutin, nah eta mangrupakan conto hirup anu sehat anu sederhana.

Conto sanesna dei, lamun dilingkungan sakola nyaeta urang kedah miceun sampah kana tempatna, nyiduh ulah di mana wae, batuk atawa beresin kudu nutupan baham, sareng ngalaksanakeun kawajiban piket di sakola.

Sabab bersih teh mangrupakeun sabagian tina iman, lamun saupami sadidinten urang tiasa ngajaga kaberesihan, insya allah awak urang oge bakal sehat sarta di jauhkeun dina anu ngarana panyakit.

Sarta awak urang bakal bersih atanapi jauh tina kokotor, sareng lingkungan di sabudeureun urang. Urang kedah mikacinta kana kabersihan sangkan hate urang oge jadi bersih.

Hadirin sadaya. Cekap sakitu nu kapihatur biantara singket ti sim abdi, pamungkas ti abdi, bilih aya basa anu kirang entep seureuhna atanapi kecap anu kirang merenanah larapna, mugi kersa ngahapunten. Hatur nuhun kana perhatosanana.

Wassalammuallaikum Warahmatullahi Wabarakatuh.[/su_box]

3. Contoh Pidato Bahasa Sunda Tentang Narkoba

[su_box title=” Biantara Tentang Narkoba “]

Assalamulaikum Warahmatullahi Wabarakatuh

Langkung tipuyan hayu urang panjatkeun puji sinareng rasa syukur ka Allah SWT nu maha Kawasa.

Kulantarkan nikmat Sareng karunia-Na, urang tiasa patepang raray sareng kempel di dieu di acara leu.

Dina dunia medis hartina narkotika the nyaeta obat bius atau obat penenang, anu dipasihkeun ka para pasien anu bade dioperasi.

Narkotika ieu tah mangrupa zat adiktif anu ngabahayakeun pisan kana nyawa urang sadaya, lamun dipake teu bener.

Misalna teu sesuai jeung resep atau anjuran ti dokter. Jaba narkotika teh bisa nyebabkeun kacanduan.

Lain eta wae, akibat penyalahgunaan narkotika atawa narkoba ieu the nyaeta bisa nyebabkeun karusakan saraf motorik urang dina otak.

Anu leuwih parahna deui narkoba bisa nyebabkeun kageloan, jeung kematian. Nyawa urang teh bisa ngalayang mun urang konsumsi narkoba sangeunahna.

Ari barudak ngora di zaman ayeuna, marake narkoba teh jang naon? Biasana mah jang gagayaan hungkul, bari jeung maraneh na teh teu apal yen narkoba teh bisa ngabahayakeun nyawa urang.

Atawa ngan saukur mimiluan batur, ambeh katingalina keren. Padahal mah keren timana, mun ujung-ujungna urang ngan maot gara-gara narkoba.

Jaba lamun urang make narkoba sareng ngedarkeun the bakal ditahan ku polisi tuluy dipenjara.

Apanan narkoba teh pemakeanna tos diatur di undang-undang. Jadi nu marake narkoba teh, hubunganna tos jeung hukum.

Nu matak tong haying make narkoba, atawa zat adiktif lainna nu matak ngarusak kahirupan urang ayeuna atawa anu bakal datang.

Mening ayeuna mah urang ngajaga diri tina barang haram nyaeta narkoba, jeung focus ka hirup nu baleg.

Meungpeung hirup urang ngora keneh, anu insha Allah panjang keneh hayu urang eusi kahirupan ku hal-hal anu positif. Mugi-mugi ieu biantara teh aya mangpaatna kanggo sadayana.

Sakitu heula anu tiasa kuring dugikeun tentang bahaya make narkotika atau narkoba. Hapunten pisan bilih aya kalepatan cariosan, hatur nuhun perhatosanana.

Wassalamualaikum. Wr. Wb.[/su_box]

4. Contoh Pidato Bahasa Sunda Tentang Kemerdekaan Indonesia

[su_box title=” Biantara Tentang  Kemerdekaaan Indonesia “]

Assalamualaikum wr. Wb
Sateuacana, hayu urang panjatkeu puji sareng syukur ka Gusti Allah SWT. Anu tos maparinkeun rahmat-Na ka urang sadaya, dugi urang tiasa kempel di acara dinten ieu.

Hadirin anu dipikahormat ku simkuring, Bapak Kapala Sakola, Bapak/Ibu guru anu dipikahormat, sareng rerencangan simkuring anu dipikacinta.

Dinten ieu alhamdulilah urang tiasa kempel sareng patepang raray dina urutan meriahkeun hari kamerdekaan Indonesia.

Urang periyogi ka uninga, yen di zaman baheula the seueur pisan pangorbanan para pejuang dina ngabelaan kamerdekaan nagara Indonesia.

Matak ku kituna, urang salaku warga nagara Indonesia generasi penerus bangsa, sareng kedah neruskeun perjuangan para pahlawan urang.

Carana nyaeta diajar sing giat jeung ngawujudkeun cita-cita urang pikeun ngajadikeun kahirupan bangsa Indonesia.

Tepi sabenerna, seuer keneh hal-hal anu tiasa dilakukeun ku urang sadaya sebagei generasi muda dina rangka ngeusian kamerdekaan Indonesia.

Contona ngajauhkeun diri urang tina pangaruh narkoba, jauhkeun diri urang tina pergaulan bebas, tawuran anu ngabahayakeun nyawa, jeung sajabana anu mawa pangaruh buruk jang diri urang.

Hayu urang sami-sami ngalakukeun hal positive atau aya mangpaatna jang diri urang, misalna nyieun prestasi di sakola, seueur maca buku nu berguna, diajar sing bener di sakola, jeung sajabana.

Rupina mung sakitu pidato ti simkuring, hapunten saupami dina biantara ieu aya cariosan anu salah atawa kirang merenah dina hate aranjeun.

Wassalamualaikum Wr.Wb.[/su_box]

5. Contoh Pidato Bahasa Sunda Tentang Maulid Nabi Muhammad SAW

[su_box title=” Biantara Tentang Maulid Nabi Muhammad SAW”]

Assalamualaikum Wr. WB.

Puji nu jadi pamatri nu ngancik dina ati, puja nu sumarambah dina bayah ieu sadayana kagungan Allah Azza wajalla.

Rahmat sinaren salam muga tetep ngocor ka jungjunan panutan alam, sosok insan anu pinuh ku suri tauladan, baktosna Rosulullah SAW.

Dina ieu kasempatan hayu urang sami-sami ningkatkeun kualitas iman sareng taqwa ku ngalangkungan ieu acara mepeling maulid nabi, iman sareng taqwa mangrupa hiji cara pikeun nimbulkeun rasa mahabbah ka allah SWT sarta micinta ka Rosulullah SAW.

Hal ieu pisan nu janten kakuatan dina enggoning ngambah hirup sareng kahirupan. urang tetep kedah nutur kan jalur Rosul, napak kan alaratan mantena.

teu cekap hiji muslim laksanakeun wungkul mieling maulid nabi saupami teu disarengan ku padamelan anu dicontokeun ku kanjeung nabi.

Allah SWT ngadawuh laqod kaana lakum fii roulillahi uswatun hasanah hartosna temen-temen geus aya pikeun aranjeun di Rosulullah conto atawa suri tauladan anu hade.

Ku kituna hayu urang sami – sami dina enggoning urang ngarepkeun karidoan Allah sareng safaat ti Rosulullah, ku cara ngalaksanakeun ibadah oge mu’amalah nu disarengan ku conto ti Rosulullah SAW.

Mudah-mudahan bae urang sadayana sapapaosna aya dina ginulur karahayuan ginajar kawilujeungan tur kahontal kabagjaan dinya sareng aherat ku cara ngalangkungan ieu mepeling maulid nabi.

Wassalamualaikum Warohmatullahi Wabarokatuh.[/su_box]

6. Contoh Pidato Bahasa Sunda Tentang Perpisahan

[su_box title=” Biantara Tentang Perpisahan”]

Assalamualaikum wr.wb

Manga urang sami-sami panjatkeun puji sareng syukur ka Allah SWT, nu di mana dina kasempatan ieu urang sadayan atos dipasihan kasempatan kempel sareng dina kaayaan sehat walafiat.

Hadirin sadaya anu dipikahormat ku simkuring, henteu karaos nya tos 6 taun geningan urang aya didie.

Anu disebatkeun nuju menuntut ilmu. Ayena saleresna urang sadaya teh bakal papisah, ti sakola ieu.

Mugia naon anu diajarkeun ku Bapak sareng Ibu guru teh, tiasa dimanfaatkeun ku urang sadaya kanu hal anu positif sareng aya manfaatna.

Mugia amal sareng ibadah Ibu sareng Bapak guru ano tos ikhlas ngajar urang sadaya sina pinter, kenging wewelasan ti Allah SWT.

Sakitu heula ti abdi anu tos ngawakilan rerencangan sadaya, kirang lebihna neda dihapunteun ku sadaya. Hatur nuhun.

Waalaikumsalam Wr.Wb[/su_box]

7. Contoh Pidato Bahasa Sunda Tentang Agama

[su_box title=” Biantara Tentang Agama “]

Assalmu’alaikum Wr.Wb

Puji sareng syukur urang sanggakeun ka Allah SWT anu Maha Agung, dina dinten ieu teh urang sadaya tiasa ngariung sasarengan dina acara ieu.

Hadirin anu dipikahormat,

Berimana kana qada jeung qadar seueur manfaatna, di antarana tiasa nguatkeun kaimanan sareng katakwaan ka Allah SWT.

Selain ti eta bisa oge nyadarkeun urang yen sagala perkara atawa kajadian nu aya di bumi ieu teh, tos diatur ku Allah SWT.

Matak ayana qada jeung qadar ieu teh bisa numbuhkeun kateguhan hate sareng kasabaran urang, salila urang hirup di dunia.

Masalah atawa rintangan naon wae anu aya di hirup urang teh, ngarupakeun katetepan ti Allah SWT. Jadi urang teh kudu tawakal, da sagala rupina ge tos aya izin ti Allah SWT.

Urang sadaya moal tiasa ngahindar ti katetapan Allah SWT, deuk nu hade deuk nu goreng. Sadayana tos diatur ku Maha Kawasa.

Iman kana qada jeung qadar ieu oge bisa numbuhkeun kanikmatan ti Allah SWT, sareng ngadorong urang bersyukur ka Allah SWT salawasna.

Sakieu heula pidato ti abdi, upami aya cariosan anu merenah di hate abdi nyuhunkeun dihapunten.

Waalaikum salam Wr.Wb.[/su_box]

8. Contoh Pidato Bahasa Sunda Singkat

[su_box title=” Biantara Tentang Perpisahaan”]

Assalamualaikum wr. Wb

Asshaduallailahaillalah waashaduanna muhamadar rosulullah. Ama badu.

Tipayun mangga urang sami-sami panjatkeun puji sareng syukur ka hadirat Allah SWT. Nu mana dina kasempatan ieu urang sadaya tiasa ngumpul dina kaayaan sehat wal’afiat.

Shalawat miwah salam mugi tetep dilimpahkeun ka jungjungan urang sadaya Nabi Muhammad SAW.

Teu hilap ka kulawargana, sahabatna, oge ka urang sadaya salaku umatna anu Insya Allah taat kana ajarannana, Amin ya robbal alamin.

Hadirin sadaya anu kusimkuring dipihormat,

nuhunkeun waktosna kanggo abdi anu ngawakilan rerencangan kanggo nyampeikeun amanat dina raraga program perpisahan kelas genep (6).

Henteu karaos parantos genep taun urang aya didieu. Nu mana ayeuna puncak saleresna urang sadaya bakal papisah ti sakola ieu.

Henteu hilap abdi ngawakilan rerencangan ngahaturkeun rewu nuhun laksaketi kabingahan ka bapa sareng ibu guru anu mana tos ngajarkeun ka abdi sadaya loba hal.

Mugia naon anu diajarkeun ku bapa guru sareng ibu guru ka urang sadaya tiasa dimanfaatkeun ka nu hal konkret sareng aya manfaatna kanggo nusa, bangsa sareng agama.

Mugi-mugi amal kasaean manah bapa miwah ibu guru kenging walesan ti Allah SWT. Amin.

Sakitu ti abdi anu ngawakilan rerencangan sadaya. Kirang lebihna neda dihapunten. Nu mana kasalahan mah milik abdi sareng kaleuwihan mah tiba ti Allah SWT.

Wabilahitaufik walhidayah wassalamu’alaikum wr.wb[/su_box]

Demikian penjelasan mengenai contoh pidato bahasa sunda yang mungkin bisa menjadi referensi untuk kalian dalam membuat teks pidato bahasa sunda.

Jangan lupa untuk kunjungi terus website haidarmusyaffa.com karena disana kami akan memberikan informasi yang berkaitan dengan pelajaran Bahasa Indonesia.

Contoh Greeting Card Happy Wedding

Contoh Greeting Card Happy Wedding  Kartu memang seringkali menjadi salah satu bagian penting untuk disertakan dalam sebuah acara pernikahan atau hadiah kejutan pada hari...
haidar
3 min read

12+ Contoh Puisi Pendek Tentang Ayah

Contoh Puisi Pendek Tentang Ayah Sosok ayah sangat berpengaruh bagi kehidupan seorang anak, karena seorang ayah harus bisa memberikan contoh yang baik kepada anak. Bagaimana...
haidar
7 min read

Contoh Puisi Pendidikan

haidar
7 min read

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *